728x90 AdSpace

  • Latest News

    29 June 2011

    Drama Saijah Adinda

    Babak I Tukang Maling Munding
    Dina lapangan anu lega, barudak keur arulin. Budak lalaki campur jeung budak awewe. Arulin maen galah jeung oray-orayan. Suka seuri galumbira. Seuseurian atoh pisan.
    Eukeur kitu, ngadadak kadenge sora tembakan ngageleger ti desa Badur. Barudak anu asalna suka seuri teh ngadadak caricing. Silih pelongan.
    Ti desa aya nu lumpat ngabejaan. Ngarana si Unang.
    Barudak : “Si Unang geuning anu lumpat ka dieu teh. Aya naon lumpat meni gancang siga nu diudag setan pisan! Antepkeun heula sinah nepi ka dieu. Ke mun geus nepi urang ditanya.”
    Si Unang : “Kuring nenjo Juragang Demang Wiranatakusumah bari dikawal ku anak buahna datang ka desa urang. Tuluy maranehna maling kebo urang!”
    Barudak : “Hah…. Maling kebo urang! Ku naon Juragan Demang Wiranatakusumah teh maling kebo nu urang?”
    Si Unang : “Teuing atuh teu apal. Tapi tadi kuring ngadenge Juragan Demang Wiranatakusumah teh nyebut-nyebut pajeg taneuh.”
    Barudak : “Anu saha wae kebo anu dipaling teh?”
    Si Unang : “Loba pisan nu urang lembur, ka asup nu bapakna Saijah!”
    Saijah tuluy lumpat muru ka lembur. Nepi ka imahna, Saijah sedih pisan nempo kandang kebona geus kosong. Saijah ceurik. Kubapak jeung indungna diusapan.
    Saijah : “Bapak kunaon Juragan Demang teh maling kebo urang?”
    Bapak Saijah : (cicing wae, teu daek ngomong).
    Bapak Saijah tuluy ngajual harta warisan keluargana mang rupa keris ka Babah di Rangkasbitung.
    Bapak Saijah : “Koh, ieu kuring rek ngajual keris.”
    Babah : “Naon, rek ngajual keris. Coba ka dieu oe hayang nempo.”
    Bapak Saijah : “Sabaraha kok?”
    Babah : “Dua puluh opat gulden.”
    Harita Bapak Saijah meunang duit dua puluh opat gulden. Tuluy dibeulikeun ka kebo nu anyar. Kebo anu kadua mah awakna gede pisan. Digawena oge alus pisan.
    Saijah : “Kebo kami mah pang hadena. Coba sig tenjo. Awakna oge gede. Tanagana bedas, gawena hade.”
    Adina Adinda : “Mana kami hayang nyaho. Cik….”
    Saijah : “Tenjo ku maneh. Kebo kami mah pang gagahna.”
    Adina Adinda : “Kebo kami nu gagah mah.”
    Saijah : “Ah, lain. Kebo manehma ceking.”
    Adina Adinda : “Nu ceking mah kebo maneh.”
    Saijah : “Kebo kami mah gagah.”
    Adina Adinda: “Heuueh lah!”
    Tapi kebo anu ka dua oge dipaling deui ku Juragan Demang Wiranatakusumah. (Rombongan Demang asup ka pentas tuluy nungtun kebo ka luar panggung.) Bapak Saijah tuluy ngajual harta warisan istrina mangrupa kait kulambu. Dijual ka babah meunang duit dalapan belas gulden. Tuluy meuli kebo anyar.
    Babak II Salamet Tina Bahaya
    Hiji poe, mangsa panon poe geus lingsir.
    Bapak Saijah : “Saijah, mandian ka ditu kebo teh sing bersih!”
    Saijah : “Enya, Pak. Ke ku Saijah dimandian jeung babaturan!”
    Datang hiji budak awewe, tatanggana Saijah. Ngahalangan langkahna Saijah.
    Saijah : “Adinda, ulah ngahalangan jalan bisi diteunggar ku kebo.”
    Adinda : “Kang Saijah rek ngamandian kebo sanes?”
    Saijah : “Ari anjeun lain rek nganteuran dahareun ka bapak? Naha aya di dieu?”
    Adinda : “Bapak tos ngidinan abdi ngilu ngamandian kebo Kang Saijah.”
    Saijah : “Ih, ulah. Teu pantes awewe ngilu ngamandian kebo mah!”
    Adinda : “Lamun kuring daek, sigana pantes wae.”
    Saijah : “Ulah. Maneh ulah ngilu mandian kebo. Leuwih alus gancang balik mun bapak maneh anggeu dahar.”
    Saijah narik kebona ninggalkeun Adinda. Tuluy jeung papada baturna nungtun kebona rek dimandian di walungan. Anggeus dimandian Saijah tuluy ngaleupaskeun kebona sinah nyatuan.
    Saijah : “Aya nu nenjo kebo kami henteu?”
    Kanteh : “Tadi mah tuh ka ditu naek ka ditu…” (sabari nunjuk ka bukit). “sigana masih lapar, neangan dahareun.”
    Saijah : “Bantuan neangan atuh!”
    Kanteh : “Hayu!”
    Kanteh : “Saijah lumpat…. Lumpat…. Maung, maung! Eta aya maung dina ruyuk!”
    Sakabeh barudak lumpat bari naraek ka luhur kebona. Waktu Saijah rek naek ka kebona. Manehna ragrag. Tikosewad. Tibeubeut kana taneuh. Saijah ngagoler handapeun kebona. Eta kebo nayungan badan Saijah. Tandukna nu ranggah tur lancip dibebenerkeun ka musuhna. Maung rikat ngarontok…. Tapi ngarontok panungtungan. Dadana ambles ka sanggap ku tanduk munding datang ka awak beulah. Maung paeh sapada harita.
    Indungna Saijah: (bari ngubaran kebo anu tetu beuheungna) “Nuhun pisan, kebo. Mana teuing nyeblokna kuku maung mun seug keuna ka awak anak aing. Eh, nuhun pisan…” (bari ngusapan kebo)
    Munding anu katilu oge dipaling deu ku Demang Wiranatakusumah. (Rombongan Demang asup ka panggung tuluy nungtun munding).
    Adinda geus bisa ninun jeung ngabatik. Sok ngabatik ku pola sedih sabab ningali Saijah sok keur sedih. (Adinda ninun batik di panggung)
    Babak III Ka Jakarta
    Saijah datang ka imah Adinda. Di imahna Adinda.
    Saijah : “Geura pek pikir ku Adinda, mun Akang aya umur, pareng bisa balik deui, meureun urang teh geus pada sawawa, meujeuhna laki rabi. Mangka-mangka urang teh bakal boga munding dua!”
    Adinda : “Heug Kang Saijah. Kuring daek kawin ka Akang, mun geus balik ti Batavia. Sabot ditinggalkeun kuring rek nganteh jeung ninun, nyieun samping jeung karembong, tuluy dibatik. Kuring rek getol pisan salila ditinggalkeun.”
    Saijah : “Deuh, Adinda, sukur ari kitu mah, Akang teh atoh pisan. Tapi…Kumaha mun maneh gajlig, kawin ka nu sejen?”
    Adinda : “Piraku teuing Kang Saijah. Akang ge nyaho yen kuring moal kawin ka sasaha. Kapan bapak kuring geus jangji ka bapak Akang.”
    Saijah : “Ari karep maneh sorangan, kumaha?”
    Adinda : “Ulah ham-ham deui, kuring tangtu kawin ka Akang.”
    Saijah : “Mun Akang geus datang ti panyabaan, Akang mangke rek nyelukan ti kajauhan.”
    Adinda : “Moal kadenge meureun, mun di kampung keur narutu, tutunggulan.”
    Saijah : “Bener Adinda…Kumaha atuh…kieu wae ayuena mah. Dagoan Akang di handapeun tangkal katapang di leuweung jati.”
    Adinda : “Har, ari Akang, iraha waktuna kuring kudu ngadagoan handapeun katapang teh?”
    Saijah : (Ngahuleng sakeudeung) “Cirikeun bae bijilna bulan pananggalan, tuluy itung! Akang lilana nyaba teh tilu kali dua belas pananggalan bulan… bulan ieu henteu diitung. Regepkeun geura Adinda! Saban-saban bijil bulan, maneh kudu nyieun ciri ku peso dina lisung. Mun reana ciri geus tilu kali dua belas bulan, poe isukna Akang bakal datang nepungan maneh di handapeun katapang. Naha sanggup mangke Adinda aya di dinya?”
    Adinda : “Heug bae Kang Saijah! Kuring rek nepungan handapeun tangkal katapang, mun engke Akang datang!”
    (Adinda tuluy merekeun kembang malati anu aya dina keupeulan leungeunna. Saijah ngeureut totopongna nu dipake sapopoe, warna paul-nila, geus butut.)
    Saijah tuluy leumpang ninggalkeun Adinda.
    Di sisi walungan Cisadane. Saijah lalangkarakan bari tetembangan. Kieu tembangna:
    Hirup katungkul ku pati,
    ajal teu nyaho di mangsa.
    Laut Kidul breh kacipta,
    sagara kungsi kasaba,
    basa jeung bapa keur milir,
    nyieun uyah di basisir.
    Mun seug kuring manggih ajal,
    mi tengah sagara ngumpal,
    mayit disantokan hiu,
    marebutkeun jasad layu.
    Kuringmah hamo ngeruengeu…
    Hirup katungkul ku pati,
    ajal teu nyaho di mangsa,
    kuring nyeueung kahuruan,
    nu nyundut imah sorangan,
    Pa Ansu, nu edan eling,
    sabab mundingna di paling….
    Mun seug kuring the kaduruk,
    kuseuneu tutung sing bubuk,
    jalma gehger narulungan,
    mayit kuring diteangan.
    Kuring mah hamo ngareungeu….
    Hirup katungkul ku pati,
    ajal teu nyaho di mangsa,
    Si Unah ngoleang ragrag,
    tina kalapa ngagubrag,
    basa ku indung dititah,
    ngala kalapa sasirah.
    Mun seug kuring paeh ragrag,
    teu diceungceurikan indung,
    da geus diurugan padung,
    ngan nu lian jejeritan.
    Kuring mah hamo ngareungeu….
    Hirup katungkul ku pati,
    ajal teu nyaho di mangsa,
    rea batur urang Badur,
    nu geus lastari dikubur,
    mayitna anu sakujur,
    dibungkus ku lawon putih.
    Mun kuring paeh di Badur,
    dikubur di pasir wetan,
    ina nyekar, ka kuburan,
    ngawur kembang seuseungitan.
    Leumpang alon lalaunan,
    semu alum sedih kingkin,
    sisi sampingna ngeresek,
    kana jukut kembang eurih,
    kawas nu harewos peurih…
    Ku kuring tangtu kareungeu.
    Babak IV Pelayaan Kapercayaan
    Saijah bekerja di seorang Tuan yang baik. Saijah bekerja rajin sekali. Lalu datang juga saat Saijah pamit pulang.
    Tuan : “Kowe orang sudah hidup senang, lantas koe orang minta izin berhenti bekerja. Kowe orang apa? Kowe mustinya punya hati, kowe kudunya tetap bekerja di sini! Apalagi kita orang sudah janji, mau lipat gandakan kowe punya upah!”
    Saijah lantas pulang ke Badur.
    Awewe 1 : (di jalan) “Kang rek ka mana?”
    Awewe 2 : “Kang, tas ti mana? Ampir heula!”
    Babak V Tilu Puluh Dua Gurat
    Di bawah pohon ketapang Saijah terduduk
    Saijah : (terduduk di bawah pohon ketapang. Ret ka tebeh kaler. Saijah ngareret deui ka hareup tapi…) “Engke oge meureun datang, moal salah deui. Da ayeuna mah isuk kenah.”
    Saijah tuluy nembang, ngahariring.
    Aya bajing luncat kana dahan jeungjing
    Turun unggah, nerekel, cleng luncat mulang,
    Ngalayang nurutkeun heulang,
    Najan teu bogaeun jangjang.
    Jung ki bajing, ka ditu, geura bral miang!
    Geura ngakal, neangan keur sandang pangan,
    Tangtu hasil nu diseja,
    Kami mah di dieu bae,
    Ngadago ka tineung hate.
    Sanggeu lila, ki bajing beuteungna seubeuh
    Sup asup kana sayangna,
    Laksana anu diseja,
    Ngan diri kuring nu kantun,
    Kantun sedih jeung prihatin… duh Adinda.
    Layu-layu, kukupu hiberna lucu,
    Tina kembang kana kembang, nyeuseup madu,
    Asih ka kembang malati,
    Sono amprok jeung kabogoh,
    Nu seungit bawa ngajadi.
    Jung ka ditu, kukupu, hiber ka manggung!
    Nu diseja tinangtu bakal laksana,
    Ngeunah nyandang ngeunah nyanding,
    Kami mah ngan bati ceurik,
    Ngadago ka tineung ati.
    Enggeus lila, kukupu seubeuheun nyeuseup,
    Kakasihna, malati jeung kacapiring,
    Geus ngagalemoh kabogoh,
    Ngan kami nu tacan lipur,
    Ngalanglayung gering piker… emh Adinda.
    Tuh tingali, srangenge manceran luhur,
    Saluhureun caringin jeung pasir wukir,
    Geus panas, mudun ka handap,
    Haying sare di sagara,
    Ngarah tiis jemplang jempling.
    Jung srangenge, anjeun mah geus jung laju!
    Geura tepung, jeung laut nu dipilucu,
    Raga panas mangka tiis,
    Kuring mah ngan bati ceurik,
    Ngadago katineung ati.
    Enggeus lila srangenge make rek sare,
    Di sagara, sagarana kanikmatan,
    Tibra sare dipepende,
    Ngan kuring bati nyengceling,
    Ngadago-dago nu jalir… duh Adinda.
    Mun geus taya kukupu hiber,
    Mun bentang geus teu baranang,
    Malati geus henteu seungit,
    Mun geus taya hate sedih,
    Leungit sakur nu kumelip.
    Mun srangenge salah bijil,
    Bulan linglung langlang-lingling,
    Mun Adinda can bae datang,
    Kuring iklas bibilasan,
    Ngadago nepi ka pati,
    Hilang handapeun katapang… duh Adinda.
    Dunya nepi ka kiamat,
    Moal weleh kuring nganti,
    Moal aral panasaran,
    Miasih nepi ka pati… emh Adinda.
    Engke teh cek malaikat,
    Tuh aya jelema hilang,
    Kaleleban kaedanan,
    Ku Adinda pupujan ati,
    Paehna nyium malati,
    Tilam sono ti bebene,
    Bebenena henteu jol datang,
    Didago nepi ka maot… duh Adinda.
    Saijah : (lumpat bulak-balik) “Mabok, aing mabok!
    Kolot awewe : (nungtun Saijah) “Ka dieu, ka imah Ema!”
    Saijah : “Ema, di mana lisungna Adinda?”
    Kolot awewe : (leumpang dituturkeun Saijah)
    Saijah : (bari nyuuh na lisung) “Duh… Adinda!”
    Saijah : “Ka mana Adinda, Ema?”
    Kolot awewe : “Sakanyaho Ema mah, Adinda jeung kolotna arindit ka kulon.”
    Saijah : “Kuring rek nyusul. Ieu duit keur Ema!”
    Bab VI Nyusul Adinda
    Saijah : (nyuuh di mayit Adinda) “Adinda……kuring teu bisa hirup lamun teu jeung anjeun. Akang rek nyusul tapi rek nyieun perhitungan heula!”
    Saijah : (ngamuk nguwak ngawik) “Maneh para pembunuh, anu geus maehan Adinda. Rasakeun babales ti aing!”
    Belanda 1 : “Edan, ternyata masih ada yang hidup!”
    Belanda 2 : “Kita jangan kasih hidup dia orang, mari kita bunuh!”
    Belanda 3 : “Serang!”
    Belanda 4 : (terbunuh oleh keris Saijah) “Ah……”
    Komandan : “Pasang bayonet, seranglah dia beramai-ramai!”
    Saijah : (ditusuk) “A…dinda!”
    *** kenging: Ubai Muchtar
    • Blogger Comments
    • Facebook Comments

    0 komentar:

    Post a Comment

    Item Reviewed: Drama Saijah Adinda Rating: 5 Reviewed By: mh ubaidilah
    Scroll to Top